Total Tayangan Statistik

Senin, 07 Mei 2012

KUMPULAN DONGENG BASA SUNDA
Senen, 7 Mei 2012
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEh-Xc9TufDcn1DzrdeBDR-ZF5kr0PJANTtetRWl3wmiGIko387nLAze6Jw26p2yCbFKuW4NnZi7wVvXW6WUiVx9CWvCCc69qR_JC_elDkGdyIwsj_ahhNzq1MAltmAZgIAJmT7knQlRxyk/s320/dsc00049.jpg

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur téh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur téh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna leutikeun ti embe.
Di ieu tempat téh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai téh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lembur téh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masih loba jalma lamun usum halodo kacaraina téh ka Cipamingkis éta.
Jeung hiji deui di ieu lembur téh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajaka téh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana téa.
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEg7p9AVjccnMAHX2Hv_HQe-9r4WgXMeCYLW9Cc8KY0OAZWyiEAr1Mx2alqx3De_UCNaWnk2Bl8TYBZGLZWAK1jDSZ2QVuH2kDPCKXFW04RUhJYAOQVS9vKjxsdr83xgJSofVWurv9S6kMM/s320/hantu1.jpg


















Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya téh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma téh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etatéh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya téh.
Jeung deui anu jalma anu nempatan tempat eta téh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat téh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah Silumantéh jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman.
Da ayeunamah aman biasa waé kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun lembur etatéh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat kadinya tipeuting mah. Tah kitu caritana kunaon eta tempat téh disebut Siluman, nu ayeuna Desa Siluman.



https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEiGoLv0bIm1jVT20hUWhPKJML9BZwTl1l0nOWjigI2BxSPgr33dIDQsfmEzArRw0v8OcHtnI3T5iNSiU9oTuO2Ig2zTpgx-lusA5Xpv6ajyKGlljeXKjcMsJ4756BtZqEIIdHsvnws_ThE/s320/kura-kura.jpg














Jaman baheula aya Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumatéh indit isuk datang sore magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina. Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum. Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya te kabawa angina. Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya téh masak pikeun dahar sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya téh ceurik. Keur kitu jol bae Monyet kolot.
Monyet ngomong ka sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah téh bareto kabawa angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?”
cak sakadang Kuya! Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae, ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya gampang ngelokeun sirah ka jero. Eta papatah téh ku Kuya diturutkeun, saenggeus anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti haritamah imah sakadang Kuya téh sok dibabawa bae, digagandong.

Rincian Dongeng:
Judulna : Kuya Ngagandong Imahna
Bahasana : Kasar
Palakuna : Sakadang Kuya jeung sakadang Monyet
Watek palakuna :
Sakadang Kuya = Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet = Daek babantu jeung mere saran
Tempat/latar : Baheula dihiji kebon deket walungan
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu daek babantu ka batur kaos sakadang Monyet.

https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEhqwbOLcRAWZ_weE_JrY8NpoScIduZCOS4A1YPKOaoGopTnscN4ENONB2mEpfmd1fF1Zkw4bgxm-A0tfjOx1SI-12j3rlYQIJSPgOnb5hPedq6dDIgoM3dGFeOAV1Q3M8eOYVwjbz52Biw/s320/hobi1.jpg


















Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray téh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa. Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago haritamah jago téh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh kongkorongok sing tarik.” Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago téh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam téh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna. Ti harita hayam jago téh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

Rincian Dongeng:
Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
Bahasana : Kasar
Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari hirup téh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.





https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEisdb4kKuQKxuX9ct4XjZp_VIN1O8mwrAmv8w5uCW-MjYiLD4vryHZic740c-1mkJxuGG3KCm6mLhrbXSAY-ktmNulzQUacCGi_CtwdFh3W3RS1zkOw7-I_pijUoEurQoTLG6GCR23A7GI/s320/laut.jpg















Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki téh sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan. Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk keneh aki-aki téh geus pamitan. Memeh indit aki-aki téh mere jimat ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki téh, engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar uyah téh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi asin.

Rincian Dongeng:
Tema : Perang Duduluran
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Alur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara Nyarita/ Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur. Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem

https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEiIS3Bw2mlPscRx-Mvhx4vGtJuYZ3AbVMqnTJYnG6unegdtpsbrY50r-QJ5HFLzK8bd40t6tCjISRnQhR5zA5m8S4-aY6Zddf6GIH9fFqN1_XPBe2_3tQGcMLIoSXz22aWs094k9ibyU-k/s320/krakatau_5b.jpg
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana.
Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra téh ngahiji. Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan téh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu téh indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu téh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu téh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu pisan si anjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul téh nyarek, atuh Sang Prabutéh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos téh kosong téh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut téh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates téh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau téh.

Rincian Dongeng:
Tema : Perang Duduluran
Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Bahasana : Lemes
Aur/plot : Ngagunakeun alur maju
Cara nyarita/sudut pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.
Senin, 03 Maret 2003
https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEit2G4e_-gqJO8yS3eUeynqTuCMlYqqAC7N3ytDqe0I8-eKA7w039DqmhR3_SwMo6zJN4adTmlzWO7Dt-c8dX0TG0MwZerUrv7jiVoRnBOuLkfUO1PUr_BggOf4n_rqsuKDYk6gjX4CiRk/s320/09-burung-gagak-dan-sebuah-kendi.jpg
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong téh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak téh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagaktéh. Gagak téh hiber kuorang diobrot, gagak téh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak téh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui téh geus lestreng .
Barang jol oray sanca téh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak téh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Rincian Dongeng:
Judulna : Gagak Jadi Hideung
Bahasana : Kasar
Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digeunggeureuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Ari jadi jalma téh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar