Laporan Ketua Panata calagara
Pasanggiri Pupuh
Assalamuallaikum, Wr. Wb.
Hatur nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan
waktos sareng tempat ka sim kuring kango ngadugikeun laporan panata calagara.
Salajengna sim kuring seja ngadugikeun salam ka sadayana; assalamu ‘alaikum
warohmatullohi wabarokatuh, ditéma ku kedaling puji ka Gusti anu Mahasuci;
alhamdulillahi robbil ‘alamin, réhna ku ayana widi ti Anjeunna ieu acara tiasa
lumangsung kalawan lungsur-langsar.
Hadirin anu dipihormat, Sim kuring
sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna réngréngan panata calagara anu
parantos dipasihan kapercantenan kanggo ngokolakeun kagiatan pasanggiri pupuh
tingkat kacamatan. Sim kuring saparakanca anu jumlahna opat welas jalmi kalayan
resmi parantos di-SK-an ku Bapa Camat dua sasih anu parantos kalangkung. Nya ti
ngawitan harita sakumna panata calagara cuh-cih; ngayakeun gempungan, nyusun
rarancang kagiatan, milarian waragad, nangtoskeun waktos sareng tempat
lumangsungna pasanggirinyebarkeun uleman ka sakumna calon patandang,
nangtoskeun déwan yuri atanapi girang pangajén, dugi ka derna pisan acara dina
dinten ieu. Sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun nuhun ka Bapa Camat anu
parantos masihan kapercantenan kanggo janten panata calagara.
Ieu kedaling panuhun téh ogé disanggakeun ka sakumna
sesepuh sareng paraseniman katut budayawan, anu parantos masihan panuyun,
bongbolongan, sareng rupi-rupi bahan ka panata calagara. Tanpa ayana panuyun ti
aranjeunna, sim kuring saparakanca bakal seueur utag-atog dina ngalaksanakeun
ieu acara téh. Teu hilap deuih sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka Bapa-bapa
sareng Ibu-ibu staf kacamatan katut lembaga sanésna anu seueur pisan masihan
bantuan ka panata calagara. Saterasna sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka
sakumna masarakat kacamatan Cikarang, hususna pisan mah ka anu ngariring ancrub
jenten patandang ieu pasanggiri.Namung sok sanaos kitu, alhamdulillah pangbagéa
ti masarakat kaétang ageung. Buktosna waé ti dalapan désa nu aya diwewengkon
Kacamatan Cikarang, sadayana ngintunkeun utusan. Salajengna ku sim kuring badé
didugikeun ka Bapa Camat sareng sakumna anu hadir; kanggo tingkat SD aya 46
patandang, sareng kanggo tingkat SLTP aya 18 patandang. Ku émutan sim kuring
mah ieu jumlah patandangtéh kaétang nyugemakeun.
Jalaran patandang kaétang seueur, ieu pasanggiri téh
badé diduadintenkeun; dinten ieu sareng dinten énjing. Kanggo dinten ie,
patandang tingkat SD anu kabagéan waktos. Énjing giliran tingkat SLTP, bari
disakantenankeun sareng wawaran kajuaraan. Dupi pamasrahan hadiahna mah insya
Alloh badé disarengkeun dina acara resépsi 17 Agustus, sakantenan badé
digabungkeun sareng pamasrahan hadiah kanggo pasanggiri katut perlombaan
sanésna.
Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku saban patandang nya éta miling tina salasawios pupuh sekar ageng; Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng Dangdanggula.
Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku saban patandang nya éta miling tina salasawios pupuh sekar ageng; Kinanti, Sinom, Asmarandana, sareng Dangdanggula.
Upami pupuh pilihanana, saban patandang tiasa nyandak
salasawios ti saluareun anu opat nembé. Boh pupuh wajib boh pupuh pilihan,
sadayana ogé parantos disadiakeun ku panata calagara.
Dina ieu kasempetan,sim kuring sakantenan ngadugikeun
sah-sahana girang pangajén. Tangtos kanggo urang moal bireuk deui.Girang
pangajén disesepuhan ku Bapa Penilik Kebudayaan, lajeng diwuwuh ku réngréngan
anggotana anu seueurna opatan, nya éta Ibu Hajjah Cicih Sudarsih, Bapa Drs.
Diki Darmawan, Bapa Ahmad Sahroni, sareng Ibu Dra. Yuningsih. Alhamdulillah,
sadayana girang pangajén ayeuna parantos tiasa sumping. Hadirin hormateun sim kuring, Ieu pasanggiri tiasa lumangsung kumargi ayana
pangrojong ti sadayan pihak. Jalaran kitu, sim kuring saparakanca teu kinten
nganuhunkeunana. Pamugi waé kasaéan Bapa, Ibu, sareng Sadérék sadayana kalebet
kana amal anu baris diganjar ku Alloh swt., amin!
Ku tiasa lumangsungna ieu pasnaggiri téh sim kuring
saparakanca gaduh harepan, mugi-mugi waé perhatosan urang kana seni budaya
titinggal karuhun sing tambih ngaronjat. Ieu pasanggiri pupuh, mugi-mugi sing
kalebet kana tarékah pikeun miara sareng mekarkeun salasawios jati diri urang.
Minangka pamungkas pisanggem, sim kuring saparakanca
seja nyuhunkeun dihapunten tina sadaya kakirangan dina ieu acara. Sok sanaos
ari dina leresan tataharna mah asa atos maksimal, tapi rupina ari kakirangan
mah sok aya waé. Janten, hapuntenna anu kasuhun, utamina ka
sakumna patandang, girang pangajén, sareng parauleman.
Sakitu anu kapihatur. Pamugi ieu acara téh sing tiasa
lancar dugi ka lekasanana. Sareng pamugi waé aya dina rido Gusti Anu Mahasuci,
amin!
Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar