KUMPULAN
DONGENG BASA SUNDA
Senen,
7 Mei 2012
Kacatur
kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan
Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta
lembur téh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur téh loba
sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna leutikeun ti embe.
Di ieu tempat téh
aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut
Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama
Peucang. Kusabab cai téh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato,
tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu
ieu Lembur téh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta
Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat,
Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari
oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masih loba jalma
lamun usum halodo kacaraina téh ka Cipamingkis éta.
Jeung hiji deui di
ieu lembur téh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu
resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana.
Dugi ayeuna eta jajaka téh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu
jenenganana Ojim Suryana téa.
Jaman baheula
dihiji tempat/werwengkon didinya téh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen
nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu,
pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak
beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma téh kudu
dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen
brgal/garong anus sok nyegat ditempat etatéh nyaeta jalma anu cicing di tempat
eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya téh.
Jeung deui anu
jalma anu nempatan tempat eta téh jaragoan utamana jago kadugalan.
Kusabab kitu jalma nyarebutna eta tempat Siluman, lembur Siluman terusnamah.
Eta tempat téh aya di Kabupaten Subang, Kecamatan Pabuaran. Tah ayenamah
Silumantéh jadi ngaran Desa nyaeta Desa Siluman.
Da ayeunamah aman
biasa waé kos daerah nu sejenna eweuh begal eweuh garong, kecuali katukangeun
lembur etatéh aya trotoang panjang da nepi ayeunage sok sarieuneun jalma liwat
kadinya tipeuting mah. Tah kitu caritana kunaon eta tempat téh disebut Siluman,
nu ayeuna Desa Siluman.
Jaman baheula aya
Kuya imah-imah di sisi muara. Gawena ngahuma, ngahumatéh indit isuk datang sore
magrib. Hiji poe Kuya keur di huma, aya hujan geode bari jeung angina.
Tatangkalan rarungkad imah Kuya oge kaapungkeun murag ka leuwi brus ti teleum.
Sakadang Kuya sedih kacida, isukana manehna ngieun dei anu leuwih keker supaya
te kabawa angina. Hiji poe manehna balik ti hima, Kuya téh masak pikeun dahar
sore. Sabot masak Kuya kacai hela, keur di cai katingali hasep ngebul dina
suhunan imahna ku Kuya diburu tapi imah geus angus seneuna gede nakeranan. Kuya
téh ceurik. Keur kitu jol bae Monyet kolot.
Monyet ngomong ka
sakadang Kuya, “tong ceuri sakadang Kuya ngieun deui imahmah!”
“Anu matak sakadang Monyet lain sakali wae kacilakaan imah téh bareto kabawa
angina. Kudu kumaha akalnanya supaya imah awet?”
cak sakadang Kuya!
Sakadang Monyet ngajawab, “gampang atuh, ngarah imah ulah cilakamah dibawa bae,
ulah ditinggalkeun. Pek ngieun dei anu alus tur kuat ke lamun geus anggeus
arang tangkodkeun kana tonggong anjeun, pantone sakira asup sirah supaya
gampang ngelokeun sirah ka jero. Eta papatah téh ku Kuya diturutkeun, saenggeus
anggeus prak ditengkodkeun dina tonggongna, monyet anu memenerna. Nah ti
haritamah imah sakadang Kuya téh sok dibabawa bae, digagandong.
Rincian Dongeng:
Judulna : Kuya
Ngagandong Imahna
Bahasana : Kasar
Palakuna : Sakadang
Kuya jeung sakadang Monyet
Watek palakuna :
Sakadang Kuya =
Getol daek digawe, gampang putus asa an, te kuat kena musibah.
Sakadang Monyet =
Daek babantu jeung mere saran
Tempat/latar :
Baheula dihiji kebon deket walungan
Eusi/hikmah nu
bisa di cokot :
Jadi jalma kudu
getol kos sakadang Kuya tapi tong gampang putus asa jeung tong bodo. Jeung kudu
daek babantu ka batur kaos sakadang Monyet.
Kacaritakeun
jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba ka kahiyangan.
Unggal isuk eta oray téh osok dangdan mapantes maneh. Tapi keukeuh teu ngarasa
ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning arek ngadeheus ka dewa. Sanggeus
mikir manehna inget ka sobatna sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk
ka sakadang jago haritamah jago téh aya tandukan menta di anteur ka titinggi.
Sanggeus aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah
nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi cak
sakadang naga.
Hayam
jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung licikna naga. Lila-lila naga
ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka sakadang naga. Cak naga ka jago “engke
tandukna dibalikeun deui dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun
balebat can balik wae bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda
weh kongkorongok sing tarik.” Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the
arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna. Sakali dua
kali titinggi teu datang wae, terus jago téh kongkorongok sababaraha kali deui,
tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka brayna berang titinggi teu
datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting engke” pok hayam téh. Tapi weleh ditunggu nepi
kasubuh titinggi teu dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka
nyancam lamun titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna. Ti harita hayam
jago téh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi sok
langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng:
Judulna : Hayam
Kongkorongok Subuh
Bahasana : Kasar
Palakuna : Hayam
Jago, Titinggi jeung Oray Naga
Watek palakuna :
Oray Naga = jahat,
sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek
wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari
percaya, gampang dibobodo.
Tempat/latar :
Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
Eusi/hikmah nu
bisa di cokot : Ari hirup téh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray
Naga. Ulah sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di
bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.
Kacatur jaman
baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana, ari nu bungsu Jani.
Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega kebon. Tapi koret, tara barang
bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah bari jeung miskin oge ari boga rejeki téh
sok mere kanu butuh.
Hiji poe Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan.
Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas ka Ki
Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik ditengah jalan
aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung, atuh karunyaeun
diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak didalahar bareng. Isuk-isuk
keneh aki-aki téh geus pamitan. Memeh indit aki-aki téh mere jimat ka Ki Jani
mangrupa lilisungan jeung haluna tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku
ujang, sebutkeun wae bari nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ceuk aki-aki téh,
engke tangtu haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero
lisung. Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki
Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah. Barang
Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna sirik , bari boga niat jahat hayang
miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani dicaritekeun
kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat ku lanceukna ka alas
pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana menta kalisung uyah kaluar
uyah téh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh
teleum. Ti harita cai laut jadi asin.
Rincian Dongeng:
Tema : Perang
Duduluran
Judulna : Cai Laut
Asin
Bahasana : Kasar
Alur/plot :
Ngagunakeun alur maju
Cara Nyarita/
Sudut Pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Dua
urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki Jani.
Watek palakuna :
Ki Jana = Sarakar,
koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani = Bageur,
berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar :
Jaman baheula di hiji lembur. Eusi/hikmah nu bisa di cokot :Jadi jalma ulah
koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal cilaka. Kudu kos Ki Jani
bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi senang tur tentrem
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana
Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu
Raden Topobrana.
Haritamah Pulo
Jawa sareung Sumatra téh ngahiji. Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan,
mangka karajaan téh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan
ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu téh indit
ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu
nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep
Sang Prabu téh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan
raina Raden Topobrana. Sang Prabu téh ceg ka guci anu tos dieusi cai laut tea,
terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh atuh bendu
pisan si anjeunanana. Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana
langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para
parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden
Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul téh nyarek,
atuh Sang Prabutéh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu
dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos téh
kosong téh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka
tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas disiram ku cai laut téh
ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian Selat
Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana
ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur
guci anu disimpen dina wates téh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung
Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung
Krakatau téh.
Rincian Dongeng:
Tema : Perang
Duduluran
Judulna : Selat
Sunda Jeung Gunung Krakatau
Bahasana : Lemes
Aur/plot :
Ngagunakeun alur maju
Cara nyarita/sudut
pandang : orang ka 3 palaku utama
Palakuna : Prabu
Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
Watek palakuna :
Prabu Rakata =
Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana =
Sarakah
Raden Topobrana =
Embung ditindes
Tempat/latar :
Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
Eusi/hikmah nu
bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu
Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.
Senin, 03 Maret 2003
Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna
ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah
dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak
dipake nawu baloing tea.
Teu kungsi lila balong téh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak
kadinya haritamah gagak téh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna
dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak
ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagaktéh. Gagak téh
hiber kuorang diobrot, gagak téh bingung da diberik wae sieunen katewak.
Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak téh asup ka jero pijanaan. Atuh
ari muncul deui téh geus lestreng .
Barang jol oray sanca téh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray
sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak téh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara,
“Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
Judulna : Gagak
Jadi Hideung
Bahasana : Kasar
Palakuna : Gagak
jeung Oray Sanca
Watek palakuna :
Gagak = Badeur,
sok daek nyopet, te bisa digeunggeureuhkeun.
Oray Sanca =
Getol, daek usaha, rajin.
Tempat/latar :
Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
Eusi/hikmah nu
bisa di cokot : Ari jadi jalma téh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang
bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing
embung gawe.