Total Tayangan Statistik

Senin, 07 Mei 2012


Runtuy Ati
: keur kadeudeuh maneuh
 


Kembang malati ngaruntuy kaéndahan tina kondé kana haté
Béar tembus kana raray. Sumekar teu layulayu. Kembang langit. Tingburicak katojo gulidagna rasarosa. Anjeun?

Lalabmé gegep. Gumeulis rékép ajngkeuneun ka saha
Kembang jiga karamba. Lauk émas noong sono tina sela sarigsig awi.
Tétéréjél rasa neneda wakca. Naha teu dipaliré.
Pameunteu cepel ku kageuegeut. Deuedeuh teuing!
Sorot panempo capétang ngabagéakeun. Deudeuh teuing!
Panutan lawas.
: Ih, yaktos pisan. Kuciwa, kuciwa kusaha
Naon anu dipikemba. Jig bedog atah asah.

Sono ku dilakna. Seukeut tungtung matabalati
nurih batin katitiwasan. Peureudeuy. Langit ceudeum
Langit jungjunan. Sorotna soca melempemna beureng sedang alam nedeng cangra
:sedeng ari salira?
Naha isin ngawakcakeun kasono. Nu lawas.
Kuduna mah nedeng leubeut. Ku kageugeut.
Ngariaankeun panumbra haté
Bulan gé jeung panon poé dibagéa tutunggulan
Taya méga pihujaneun
Taya angin puyuh ngagélungan kakayon
Taya lini ngeundeuk kadeudeuh nu sakitu
Gademolna. Diaprésiasi pencrongsono.





Ano Karsana
 



1 komentar:

  1. terima kasi banyak sebelumnya ya min ^^. artikel ini sangat berperan banyak pada hidup saya karena ini benar benar berguna, struktur dan tulisannya sangat rapi dan sangat mudah dimengerti, saya semakin paham juga atas ini semua. teruslah berkarya untuk anak bangsa , sukses selalu dan sehat selalu ^^
    bandarq terpercaya
    terima kasih dan salam hormat terdalam saya ya min

    BalasHapus